Lompat ke isi

Lauk kembung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Révisi per 19 Méi 2017 09.08 ku Anisabot (obrolan | kontribusi) (top: ngarapihkeun éjahan, replaced: sabagé → minangka using AWB)
Lauk Kembung
Kembung jalu Rastrelliger kanagurta
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Rastrelliger
Spesies

Tempo dina téks.

Lauk Kembung nyaéta ngaran sajumplukan lauk laut nu asup kana golongan marga Rastrelliger, suku Scombridae. Sanajan awakna leutik, lauk ieu masih sakulawarga jeung tenggiri, tongkol, tuna, madidihang, jeung makerel.[rujukan?] Di Ambon, lauk ieu katelah ngaranna lema atawa tatare, di Makassar disebut banyar atawa banyara.[rujukan?] Ti dieu meunang sebutan kembung banjar.[rujukan?]

Lauk kembung kaasup lauk pelagis leutik nu mibanda niléy ékonomis sedeng, nepi ka kaitung minangka komoditas nu cukup penting pikeun pamayang lokal.[rujukan?] Lauk kembung biasana dijual seger atawa diprosés jadi lauk pindang jeung lauk asin nu leuwih awét.[rujukan?] Lauk kembung nu leutik kénéh ogé mindeng dipaké minangka eupan hirup keur nguseup cakalang.[rujukan?]

Pedaran

Awak ramping manjang, ipis jeung rada jangkung, 1 : 3,7–6 dibandingkeun jeung panjang awak FL (fork length).[rujukan?] Sisi dorsal popemerian, bulao semu héjo nepi ka semu kacoklatan, kalayan 1–2 baris bintik poék ngabujur di deukeut puhu cécépét tonggong; sisit ventral semu kelir pérak.[1]

Sisit-sisit nu nutupan awak lauk kembung ukuranna leutik sarta saragam.[rujukan?] Cécépét tonggong dina dua berkas, dituturkeun ku 5 cécépét leutik tambahan (finlet).[rujukan?] Jumlah finlet nu sarua ogé aya dina tukangeun cécépét bool, cucuk kahiji cécépét bujur ipis jeung leutik (rudimenter).[rujukan?] Sapasang lunas buntut ukuran leutik aya di masing-masing sisi batang buntut.[rujukan?] Di hareup sarta tukangeun mata aya palupuk mata nu nagndung gajih (adipose).[2]

Jenis-jenisna

Pindang kembung bikang ti Chiang Mai

Di parairan Nusantara katelah tilu spesiés kembung, nyaéta[1]:

  • Rastrelliger brachysoma (Bleeker, 1851), kembung bikang
  • Rastrelliger faughni Matsui, 1967, kembung
  • Rastrelliger kanagurta (Cuvier, 1817), kembung jalu

Tempo ogé

Référénsi

  1. a b Carpenter, Kent E. & Volker H. Niem. 2001. FAO Species Identification Guide: The Living Marine Resources of The Western Pacific. Vol. 6 : 3737-3739. Food and Agriculture Organization, Rome.
  2. Carpenter & Niem. op cit. p. 3721-3722.