Lompat ke isi

Koréak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Révisi per 8 Agustus 2024 13.25 ku Dinototosugiarto (obrolan | kontribusi)
(béda) ← Révisi leuwih heubeul | Témbongkeun révisi kiwari (béda) | Révisi nu leuwih anyar → (béda)
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun.
Koréak
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
T. alba
Ngaran binomial
Tyto alba
Sumebarna Tyto alba di sakuliah dunya
Sinonim

Strix alba Scopoli, 1769
Lechusa stirtoni Miller, 1956

Tyto alba guttata
Gambar:Barn owls sleeping in palm tree.jpg
Koréak saré dina tangkal jambé

Koréak (Tyto alba) téh bueuk ti kulawarga Tytonidae. Koréak téh minangka bueuk spésiés Tytonidae anu paling lega ambahanana, sarta kaasup salah sahiji manuk sumebar ampir ka sakuliah dunya.

Left

Dedegan

[édit | édit sumber]

Awak koréak (panjang 33–39 cm) dibulen ku bulu kelir pias, jangjangna panjang (80–95 cm mun mébér), sukuna panjang. Hulu jeung tonggongna rada coklat, sedengkeun handapna bodas. Manuk ieu hiber kalawan hampang bari hiber ngalayang luhureun tegalan jukut atawa tempat moro mangsa séjéna. Ngaran-ngaran séjén remen disebutkeun pikeun nempo kana dedegannana, palebah handap awakna kelirna bodas, atawa hiber bari karempo jang-jangna matak pikasieuneun, kayaning Monkey-faced Owl, Ghost Owl, Church Owl, Golden Owl, Rat Owl, sarta Stone Owl.

Di AS, ieu manuk sakapeung disebut Screech Owl alatan Barn Owl mibanda sora anu has, mun disada ti kadeukeutan matak katorékan. Manéhna ogé sok disada ngahéos kawas oray. Mang ditewak tur ngarasa kadesek, maranéhna sok ngaragragkeun manéh bari nincak-nincak keun sukuna anu mibanda kuku maréncos, ieu cara manuk ieu ngajaga dirina. Papalimpang jeung pamanggih umum, maranehna henteu disada "tu-whit to-whoo" (kawas sorana Tawny Owl).

Rujukan

[édit | édit sumber]
  • Wikipédia basa Inggris. Barn Owl. Dicutat 1 Oktober 2007.
  1. BirdLife International (2004). Tyto alba. 2006 IUCN Red List of Threatened Species. IUCN 2006. Dipulut ping 11 Méi 2006. Éntri pangkalan data ogé ngawengku kasang tukang dipilihna ieu status

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]