Kabupatén Aceh Besar
Motto | Putoh ngon mufakat, kuwat ngon meuseuraya Citakan:Lang icon Suatu keputusan berlandaskan mufakat dan persatuan selalu di jaga dengan sebaik-baiknya |
Propinsi | Aceh |
Ibukota | Kota Jantho |
Lega Wilayah | {{{lega}}} |
Kordinat | {{{kordinat}}} |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
{{{pangeusi}}} {{{kapadetan}}} jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
{{{kacamatan}}} {{{kalurahan}}} |
Dasar hukum | UU Nomor 6 Tahun 2024[1] |
Tanggal | 24 November 1956[1] |
{{{kapala daerah}}} | {{{nami kapala daerah}}} |
{{{kapala daerah1}}} | {{{nami kapala daerah1}}} |
Kode aréa | 0651 |
DAU | Rp 771.619.306.000,- (2021)[2] |
Ramatloka: acehbesarkab |
Kabupatén Acéh Besar (Citakan:Lang-ace) nyaéta salah sahiji Kabupatén di Propinsi Acéh, Indonésia.[3][4] dina akhir taun 2023, jumlah pangeusi Acéh Besar lobana 435.298 jiwa.[5]
Kabupatén ieu mangrupa Kabupatén pangkulonna di Indonésia. Saméméh dimekarkeun dina akhir taun 1970-an, puseur dayeuh Kabupatén Acéh Besar asalna aya di Kota Banda Acéh. Sabada Kota Banda Acéh pisah ngajadi kotamadya mandiri, puseurna Kabupatén dipindahkeun ka Jantho di Pigunungan Seulawah. Kabupatén Acéh Besar ogé mangrupakeun tempat gumelarna pahlawan nasional Cut Nyak Dhien anu asalna ti Lampadang.
Sajarah
[édit | édit sumber]Nalika Acéh masih kénéh jadi hiji karajaan, anu dimaksud Acéh atawa Karajaan Acéh tayalian wewengkon anu kiwari kasohor ngaranna Kabupatén Acéh Besar ditambah jeung sababaraha daérah anu geus ngajadi bagéan ti Kabupatén Pidie. Salian éta, kaasup ogé Pulo Wéh (kiwari geus ngajadi pamaréntah kota Sabang), sawaréh wilayah pamaréntah kota Banda Acéh, sarta sababaraha wewengkon ti Kabupatén Acéh Barat. Acéh Besar dina istilah Basa Acéh disebut Acéh Rayeuk. Disebut Aceh Rayeuk alatan ieu Acéh anu sabenerna jadi puseur Kerajaan Acéh sagigireun éta nya didieu kota karjaaan anu ngaranna Bandar Acéh atawa Bandar Acéh Darussalam. Pikeun ngaran Acéh Rayeuk aya ogé anu nyebutna Acéh Lhee Sagoe (Aceh Tiga Sagi).[6]
Saméméhna dipedalkeun Undang-Undang Darurat Nomor 7 Taun 1956, Kabupatén Acéh Besar mangrupakeun wewengkon anu diwangun ku tilu kawadanan, tayalian Kawadanan Seulimum, Kawadanan Lhoknga jeung Kawadanan Sabang. Antukna sabada ngaliwatan waktu anu panjang tur hetén dina usaha. Kabupatén Acéh besar disahkeun ngajadi daérah otonom ngaliwatan Undang-Undang Nomor 7 Taun 1956 kalawan puseur dayeuhna mangsa harita di Banda Acéh jeung oge mangrupakeun wilayah hukum Kotamadya Banda Aceh.
Ku ayana pamenta jeung kamekaran daérah anu beuki ngaronjat tur nempo pikahareupeunna, Kota Banda Acéh salaku puseur dayeuh dianggap geus teu éfisién, dina mangsa kiwari anapon pikahareupeunna. Usaha mindahkeun puseur dayeuh ieu ti Kota Banda Acéh mimiti dikeureuyeuh ti taun 1969, tempat anu munggaran dipilih Kecamatan Indrapuri anu jarakna kurang leuwih 25 km ti Kota Banda Acéh. Usaha mindahkeun dayeuh ieu tacan lumangsung sakumaha anu direncanakeun.
Kadieunakeun dina tanu 1976 kadua kalina mitembeyan mindahkeun deui puseur dayeuh kalawan pindah tempatna kanu séjén nyaéta di Kecamatan Seulimeum perenahna di kemukiman Janthoi anu jarakna kurang leuwih 52 km ti Kota Banda Aceh.
Usaha ieu antukna ngabuahkeun hasil dimimitian ku kaluarna Paraturan Pamaréntah Republik Indonésia Nomor 35 Taun 1976 ngeunaan Pamindahan puseur dayeuh Kabupatén Daérah Tingkat II Acéh Besar ti wilayah Kotamadya Daérah Tingkat II Banda Aceh ka kemukiman Janthoi di Kacamatan Seulimeum, Wilayah Kabupatén Daérah Tingkat II Acéh Besar, dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku tim Departemén Dalam Negeri Républik Indonésia tut Pamaréntah Daérah anu gawé bareng jeung konsultan PT Markam Jaya anu di tempo tina sagala rupa aspék bisa disimpulkeun yén anu dianggap minuhan sarat salaku puseur dayeuh téh taya lian Kabupatén Daérah Tingkat II Acéh Besar tayalian Kemukiman Janthoi kalayan dibéré ngaran Kota Jantho.
Sabada ditetepkeun Kota Jantho salaku puseur dayeuh Kabupatén Daérah Tingkat II Acéh Besar anu anyar, kukituna ngeureuyeuh mimiti mindahkeun puseur dayeuh, kalawan pindah sakabeh aktivitas kanto sacara resmi ti Banda Acéh ka Kota Jantho dina tanggal 29 Agustus 1983, kalayan diresmikeun ku Bapak Menteri Dalam Negeri Républik Indonésia mangsa éta, tayalian Bapak Soepardjo Rustam dina kaping 3 Méi 1984.[7]
Di dayeuh Jantho ngan aya kompleks perumahan sarta kantor-kantor pamaréntahan, teu aya losmén anapon hotél. Kota Jantho dihubungkeun ku labi-labi kalawan jarakna 60 km ti Banda Acéh, 28 km nuju ka Saree, sarta 12 km nuju ka jalan utama Banda Acéh–Médan. Kira-kira 12 km ti dayeuh Jantho ini aya curug.[6]
Géografi
[édit | édit sumber]Wewengkon darat Acéh Besar watesna langsung jeung Kota Banda Acéh di sisi kalér, Kabupatén Acéh Jaya di beulah kulon kidul, sarta Kabupatén Pidie di beulah kidul jeung tenggara. Acéh Besar ogé mibanda wewengkon pulo-pulo tayalian Kacamatan Pulo Acéh. Kabupatén Acéh Besar bagéan kepuloan di sisi kulon, wétan jeung kalér diwatesan ku Samudra Hindia, Selat Malaka, jeung Teluk Benggala, anu misahkeun jeung Pulo Wéh, tempat di mana ayana Kota Sabang. Pulo-pulo utamana tayalian Pulau Breueh sarta Pulau Nasi.
Sacara geografis sabagéan gedé wilayah Kabupatén Acéh Besar perenahna di hulu aliran Susukan Krueng Acéh. Mangsa éta kaayaan tutupan lahan tayalian 62,5% (menurut data citra landsat tahun 2007). Bandar Udara Intérnasional Sultan Iskandar Muda anu mangrupakeun bandara internasional jeung ngajadi salah sahiji panto asup ka Propinsi Acéh. Pulo Benggala anu mangrupakeun pulo pang kulonna dina wewengkon Républik Indonésia mangrupakeun bagéan ti Kabupatén Acéh Besar.
Pamaréntahan
[édit | édit sumber]Bupati
[édit | édit sumber]No | Foto | Nami Bupati | Mimiti Ngajabat | Akhir Jabatan | Wakil Bupati |
---|---|---|---|---|---|
12 | Muhammad Iswanto (Penjabat) |
14 Juli 2022 | Petahana | Lowong |
Pariwisata
[édit | édit sumber]Wisata Sejarah
[édit | édit sumber]- Imah Cut Nyak Dhien. Dina mimitina mangrupakeun padumukan Cut Nyak Dhien. Di jerona dieusian ku koléksi sajarah Acéh anu dikokolakeun jeung dirawat ku Pamaréntah Kabupatén Acéh Besar. Ngan pondasi anu asli tina ieu wangunanana, sedengkeun anu ngadeg kiwari éta beunang ngarénopasi alatan wangunan aslina béak diduruk ku Walanda.[8]
- Masjid Tua Indrapuri. Masjid ieu perenahna sabudeureun 25 km ka kidul ka Medankeun jeung bisa dijugjug nganggo transportasi naon waé ogé. Wewengkon Indrapuri bajeulana mangrupakeun Karajaan Hindu jeung jadi tempat pamujaan saméméh Islam datang. Kadieunakeun, Sultan Iskandar Muda nepangkeun Islam ka masarakat. Jeung sabada sakabéh masarakat muhit Islam, tempat anu saméméhna kuil dirobah ngajadi hiji masjid. Bangunan masjid ngadeg di luhur taneuh anu legana 33.875 m², perenahna dina 4,8 méter saluhureun beungeut cai laut jeung kurang leuwih 150 méter tii sisi susukan Krueng Acéh.[8]
- Kuta Indra Patra. Bénténg ieu perenahna ± 19 km ti Banda Acéh arah ka Krueng Raya, deukeut Basisir Ujong Batee. Numutkeun riwayat dibangun mangsa saméméh Islam asup di Acéh nyaéta dina mangsa Karajaan Hindu, Indra Patra. Aya ogé sumber anu nyebutkeun cenah bénténg ieu diwangun dina mangsa Kasultanan Acéh Darussalam dina upaya ngabendung serangan Portugis. Bénténg ieu kacida gedéna kagunaanna dina zaman Sultan Iskandar Muda anu tangtara lautna kasohor kuat di Asia Tenggara.[8]
- Makam Laksamana Malahayati, perenahna kurang leuwih 32 km ti Kota Banda Acéh. Anjeuna téh saurang laksamana awéwé anu munggaran di dunnya modérn anu mengpin armada laut dina mangsa pamaréntahan Sultan Saidil Mukammil Alauddin Riayat Syah IV.[8]
- Pabukon Kuno Tanoh Abee, perenahna di Désa Tanoh Abee di suku Gunung Seulawah, Acéh Besar. Pabukon Tanoh Abee perenahna di jero kompleks Dayah Tanoh Abee anu diadegkeun ku kulawarga Fairus anu nepika kajayaanna dina masa pingpinan Syekh Abdul Wahab anu kawéntar ku sebutan Teungku Chik Tanoh Abee. Anjeunna pupus dina taun 1894 sarta dikurebkeun di Tanoh Abee. Pangumpulan naskah (manuskrip) Dayah Tanoh Abee geus dimimitian tisaprak Syekh Abdul Rahim, akina Syekh Abdul Wahab. Naskah anu panungtung ditulis dina mangsa Syekh Muhammad Sa’id, anakna Syekh Abdul Wahab anu pupus dina taun 1901 di Banda Acéh, dijero panjara Walanda.[8]
- Rumoh Teunun Nyak Mu, nyaéta puseurna produksi tinun asli klhas Acéh, anu perenahna di Gampong Siem, Mukim Siem, Kacamatan Darussalam. Perenahna berjarak 12 km sebelah timur Kota Banda Aceh. Di Rumoh Teunun Nyak Mu ini di produksi aneka kain tenun Aceh dengan beragam motif khas Aceh.[8]
Wisata Alam
[édit | édit sumber]- Basisir Lhok Nga
- Basisir Lam Pu'uk
- Basisir Ujong Batee
- Basisir Lhok Me
- Curug Suhom, Lhoong
- Curug Kuta Malaka
- Curug Peukan Biluy
- Waduk Keuliling[9]
- Taman Hutan Rakyat Po Cut Meurah Intan[10]
- Pusat Latihan Gajah Saree
- Gunung Seulawah Agam
- Cagar Alam Jantho[11]
- Pemandian alam di Brayeun Leupung
- Pantai Lhok Seudu
Galery
[édit | édit sumber]-
Benteng Sultan Iskandar Muda
-
Sebuah pemandangan di Ujông Pancu, Peukan Bada
-
Waduk Keuliling di Kuta Cot Glie
-
Lhok Mata Ie, Peukan Bada
-
Pantai Lhok Nga
-
Pantai Lhok Mata Ie
-
Benteng Indra Patra
Kebudayaan
[édit | édit sumber]Kulinér has
[édit | édit sumber]Kabupatén Acéh Besar mibanda hiji kadaharan anu has, tayalian Bolu manis ala Acéh anu museur di kacamatan Peukan Bada. Bolu ieu kasohor alatan mibanda rasana anu has, ngan waé hésé rék mekar alatan ku kaayaan anu can sapinuhna tingtrim. Sagigireun ti éta aya ogé gulé embé (kari) sarta ayam tangkap anu kasohor nikmat hiji deui Sie rebuh (daging Kulub) jeung asam keu eung (asem lada).
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b "Undang-Undang Nomor 6 Tahun 2024 tentang Kabupaten Aceh Besar di Aceh" (PDF). Lembaran Negara Republik Indonesia. 2024-07-02. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 2024-07-15. Diakses tanggal 2024-07-15.
- ↑ "Rincian Alokasi Dana Alokasi Umum Provinsi/Kabupaten Kota Dalam APBN T.A 2021" (pdf). www.djpk.kemenkeu.go.id. (2021). p. 1. Diarsipkan (PDF) dari versi asli tanggal 2021-12-07. Diakses tanggal 8 Desember 2021.
- ↑ "Peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 137 Tahun 2017 tentang Kode dan Data Wilayah Administrasi Pemerintahan". Kementerian Dalam Negeri Republik Indonesia. Diarsipkan dari versi asli tanggal 29 Désémber 2018. Diakses tanggal 3 Oktober 2019.
- ↑ "Peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 72 Tahun 2019 tentang Perubahan atas Permendagri nomor 137 Tahun 2017 tentang Kode dan Data Wilayah Administrasi Pemerintahan". Kementerian Dalam Negeri Republik Indonesia. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 25 Oktober 2019. Diakses tanggal 15 Januari 2020.[tumbu nonaktif]
- ↑ "Visualisasi Data Kependudukan - Kementerian Dalam Negeri 2023" (Visual). www.dukcapil.kemendagri.go.id. Diakses tanggal 28 Januari 2024.
- ↑ a b "Sekilas tentang Aceh Besar di situs NAD". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2007-09-28. Diakses tanggal 2007-06-14. Archived 2007-09-28 di Wayback Machine
- ↑ Aceh Besar Dalam Angka 2004
- ↑ a b c d e f "Wisata Budaya Aceh Besar di situs NAD". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2007-09-28. Diakses tanggal 2007-06-14. Archived 2007-09-28 di Wayback Machine
- ↑ Presiden SBY meresmikan Waduk Keuliling[tumbu nonaktif][tutumbu nonaktip permanén]
- ↑ "Pocut Meurah Intan: Riwayatmu Kini". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2009-07-17. Diakses tanggal 2010-04-16.
- ↑ "Eksotisme Cagar Alam Jantho". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2010-05-13. Diakses tanggal 2010-04-16. Archived 2010-05-13 di Wayback Machine
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Tutumbu ka luar
[édit | édit sumber]Citakan:Kabupaten Aceh Besar Citakan:Aceh
[[Kategori:Kota di Indonésia